Kamis, 24 Januari 2013

Oleh-oleh ti kota



Tilu poe deui ka lebaran Omon rek balik ti kota. Omon nelpon anakna di lembur..

Omon: “haalloo jang kumaha cageur?
Uhe: uing cageur pa..
Omon: si ema cageur..?
Uhe: cageur pa.. iraha bapa uih?
Omon: paling kana tilu poean deui jang..
Uhe: bawakeun oleh-oleh nya pa..
Omon: enya sok sebutkeun hayang naon??
Uhe: “asseekk! uing hayang hape blekberi pa..meh gaya ka neng icih..
Omon: “enya ku bapa di bawakeun… tuluy hayang naon deui??
Uhe: hayang hendikem pa, meh bisa nyieun pideo jeung neng icih..
Omon: gampang ke ku bapa di bawakeun..
Tanya si ema, hayang oleh-oleh naon kituh??
Uhe: pa, ceuk si ema.. ema mah hayang kutang nu mahal cenah pa..
Omon: ulah nu kitu, tanyakeun deui nu lain kituh!
Uhe: pa, ceuk si ema, mun teu kutang..cangcut we cenah nu alus.. nu didieu geus saroek cenah pa..
Omon: ulah nu kitu kituh! nu lain we! dompet.. hp.. jam tangan.. kalung… atawa nu lain!
Uhe: embungeun pa, hayang eta wae cenah..
Omon: euh! bejakeun teu bisa nu kitu mah!
Uhe: “naha pa ?
Omon: “hese nyopetna kehed!!!

Comments
0 Comments
Facebook Comments by Media Blogger

Tidak ada komentar :

Posting Komentar

Dengan mengucapkan بسم ا لله ا لرحمن ا لر حيم marilah kita belajar dengan ikhlas!